Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjadjaran 1.39

Jalan Raya Bandung Sumedang, KM 21, 45363 Sumedang, Indonesia
Sumedang, 45363
Indonesia

About Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjadjaran

Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjadjaran Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjadjaran is a well known place listed as Community Organization in Sumedang ,

Contact Details & Working Hours

Details

Kusabab basa Daérah jadi pangrojong keur Basa Nasional, basa daerah wajib dimumulé. Pon kitu deui Basa Sunda minangka salah sahiji Basa Daérah anu aya di Nusantara.
Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran salaku lembaga atikan anu ngatik insan-insan akademis sangkan boga moral nu hadé tur boga tanggung jawab kana kamajuan bangsa jeung basana.
Pikeun ngahontal udagan ti luhur, mahasisiwa Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran mancangkeun aspirasi pikeun nyieun hiji organisasi.
Ieu organisasi ngarana Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda anu wancahanna Pamass. Diadegkeun di Bandung, Séptémber 1964, dumasar kana Pancasila jeung Undang-Undang Dasar 1945. Kalayan miboga asas Tridarma perguruan tinggi jeung Panca Darma Universitas Padjadjaran.